header-int

Poe Indung Internasional Taun 2022 di SMPN 3 Cibadak

Selasa, 22 Feb 2022, 05:46:04 WIB - 928 View
Share
Poe Indung Internasional Taun 2022 di SMPN 3 Cibadak

Cibadak, 21 Februari 2022. Dina raraga ngareuah-reuah poe indung Inetrnasional taun 2022, SMPN 3 Cibadak ngalaksanakeun uar pangajak ti pangersa bapak Kapala Dinas Pendidikan kabupaten Sukabumi.

Assalamu'alaikum wr. wb.!

Sampurasun!

Kahatur Bapa/Ibu  Kepala Sekolah miwah Bapa/Ibu Guru PAUD/TK, SD, SMP.

Hatur uninga réhna sim kuring nampi serat ti Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) anu eusina uar pangajak kanggo ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional dina dinten Senèn, ping 21 Fébruari 2022.

Uar pangajak dina éta serat téh kalintang saéna sareng peryogi ku urang diéstokeun tur dilarapkeun di lingkungan pendidikan. Utamina mah urang kedah ngiring némbongkeun tarékah enggoning ngamumulé sareng ngahirup-huripkeun basa Sunda minangka basa indung urang.

Ku hal éta, pamugi Bapa/Ibu tiasa aub kana rupaning kagiatan kanggo ngareuah-reuah poé basa Indung luyu sareng anu disarankeun ku LBSS. Èta kagiatan tèh ngawengku

1. Ngadamel twibbon nu link na sapertos ieu di handap

http://twb.nz/nyaritasunda

Èta twibbon tèh salajengna kedah diposting dijantenkeun foto profil, DP, Status dina mèdia sosial (FB, WA, IG, BIP, Telegram, jstè.);

2. Ngadamel banner/spanduk di sakola sèwang-sèwangan luyu sareng tèma nu ditangtoskeun (tingal lampiran), lajeng photokeun, kintunkeun photona ka Bu Kasi Mulok, posting oge di WAG, FB, IG, BIP sareng Telegram;

3. Dina dinten Senèn, ping 21 Februari dipiharep nganggo raksukan Sunda;

4. Ngayakeun rupa-rupa kagiatan di sakola dina raraga ngalarapkeun basa, sastra, seni Sunda, ogè kaulinan barudak, jsb.

5. Sadaya kagiatan mièling Poè Basa Indung 2022 supados dilaporkeun dina wangun photo/vidèo ka Ibu Èrni, Kasi Mulok nomer

081298917894, ogè diposting dina WAG, FB, IG, BIP, sareng Telegram.

Panambih husus kanggo SMP supados

 a. Ngintunkeun pamilon guru kana Pasanggiri Biantara Basa Sunda winangun Vidèo sareng Pasanggiri  Nulis Artikel nu baris dilaksanakeun ku MGMP Basa Sunda.

b. Ngintunkeun pamilon siswa kana Pasanggiri Maca Sajak sareng Pasanggiri Nembangkeun Pupuh  winangun vidèo nu dilaksanakeun ku MGMP Basa Sunda SMP.

(Rupaning katangtosan lomba baris diwartosan deui).

Kana perhatosan Bapa miwah Ibu sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun.

 

URANG BIASAKEUN NYARITA KU BASA SUNDA

LEUNGIT BASANA, ILANG BANGSANA

BASANA NANJUNG, BANGSANA LINUHUNG

 

SUNDA APANJANG APUNJUNG

Mohammad Solihin, M.M.Pd.

(Kadisdik Kabupatèn Sukabumi)

 

Tanggal 21 Februari geus ditetepkeun ku UNESCO minangka poe basa Indung sa-dunya. Rebuan basa Indung nu masih hirup hurip di masarakat panyaturna dina poe ieu sawadina diramekeun. Ubyag dipake dimamana ku sewang-sewang kulawarga. Boh sacara lisan atawa tulisan, dina rupa-rupa media komunikasi. Jati jajaten walagrina basa. Henteu hamham atawa asa-asa, komo era mah.

Poe ieu, Senen 21 Februari 2022, marengan mieling Poe Basa Indung sa-Dunya. Bisa jadi poe kareueus keur sakumna warga Jawa Barat, hususna urang Sunda.

Poe basa Indung, sakaligus bahan tafakureun keur sarerea. Naha enya masarakat Jawa Barat galecok gunem caturna ku basa Sunda?

Basa teh apanan ciciren bangsa. Leungit basana, tangtu leungit budayana. Sabab budaya bangsa katangen dina budaya basana.

Teu semet eta, 21 Februari jadi totonden keur urang sarerea. Mularasa basa teh geuning sakitu babarina, asal daek jeung wani ngucapkeunana. Sabab, unggal jalma miboga kamampuh keur mibanda leuwih ti dua basa. Boh kamampuh dina make basa daerah, atawa basa deungeun.

Dina ngalaksanakeun eta uar ti pengersa bapak kapala Dinas Pendidikan Kabupaten Sukabumi,  SMPN 3 Cibadak ngayakeun mang rupa pintonan jeung kagiatan nu saluyu jeung pihareup pangersa bapa kapala dinas, nyaeta nu aya di handap ieu:

  1. Siaran Langsung dina yuotube chanel SMPN3CIBADAKOFFICIAL

Bewara dina Padlet.com

Bewara dina Instagram #nyaritasundasmpn3cibadak2022

Bewara dina Facebook #nyartitasundasmpn3cibadak2022

Bewara dina Twibbonize.com

https://www.twibbonize.com/nyaritasundasmpn3cibadak

ku : guruataya.com

Unidha SMP Negeri 3 Cibadak adalah salah satu sekolah negeri yang ada di kecamatan Cibadak yang berdiri sejak tahun 1999 yang asalnya merupakan sekolah kelas jauh dari SMPN 1 Cibadak. Lokasi dan gedungnya merupkan hibah dari STM Pertanian (SMKN 1 Cibadak)
Copyright © 2016 - 2023 © SMPN 3 Cibadak Citaidola. All Rights Reserved. Alamat : Jl. Raya Karang Tengah No. 691 Kec. Cibadak, Alamat Email: info@smpn3cbd-citaidola.sch.id , Nomor Telp (0266) 531115; 531536 Nomor Fax :(0266) 531536 Nomor HP Sekolah : 085721571761. Follow SMPN 3 Cita Idola : Facebook Twitter Linked Youtube